Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna. Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh.
Aya kaulinan barudak anu dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan anu dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan anu kudu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta, ogé aya kaulinan husus keur barudak awéwé, kaulinan husus keur barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa diiluan ku barudak awéwé jeung lalak
Rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.
Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.
Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.
Rupa-rupa Kaulinan barudak baheula
1. Ayang Ayang gung
Ayang-ayang gung nya éta kawih kaulinan anu dilagukeunana bari ayang-ayangan,pauntay-untuy.Biasana mangrupa lagu panganteur dina kaulinan ucing kuriling atawa ucing peungpeun.Rakitanana kieu :
Ayang-ayanggung,gung goongna ramé,ménak Ki Mas Tanu,nu jadi wadana,naha manéh kitu,tukang olo-olo,loba anu giruk,ruket jeung Kumpeni,niat jadi pangkat, katon kagoréngan,ngantos Kangjeng Dalem,lempa lempi lempong jalan ka Batawi ngemplong.
Kawih lianna:
Oyong-oyong bangkong,'kong parakan nyambut,buten buah beunying,nyingsat ka cawéné,néang nu ngajuru,rungkad sajajagat,gatrik naék munding,dingklak ka landeuhkeun,keuna kana burang,rangkék naék jambé, béo wliyulah,laha dina bilik,lika meunang nguseup,seupan leunca ngora,ratib ngan duaan,anteur kami mulang,langka munding bulé,lédéh kahujanan,nangtung jadi ratu,tuan besar senang,nangtung ka nu butuh,tutali tumenggung,gung goongna ramé,ménak Ki Wastanu,nu jadi wadana,naha manéh kitu,tukang olo-olo,loba anu giruk,ruket jeung Kumpeni,niat jadi pangkat,katon kagoréngan,ngantos Kangjeng Dalem,lempa lempi lempong jalan ka batawi ngemplong,plong ka kulon plong ka wétan,tantara Lemah-abang,bangkong luncat ka sawah wahon Abdul Wahab,Habib tukang bajigur Gurka kurang ajar,jarah ka Batutulis,lisung nini-nini,Nipong tukang tipu,puas dibom atum, tuma nyaliara,ramé di Jakarrta,tara ti sasari,ribut loba Indo,Indonésia Meredéka.
2. Galah Ulung
Galah Ulung / Galah Asin kaasup salah sahiji kaulinan tradisional Indonésia anu ogé dipaénkeun di nagara séjén. Di Indonésia sorangan kaulinan ngabogaan ngaran pangsoranganna disaban wewengkon, tapi tetep dina aturan sarta cara ulin anu sarua.
Di sababaraha wewengkon kaulinan ieu disebut ogé : Galasin, Galah Asin (Jawa Barat), Gobak Sodor, Sodoran (Jawa tengah), Main Asing (Makasar), Galah Panjang (Kepulauan Riau), Cak Bur / Main Belon (Riau Daratan), Galah (Kepulauan Natuna), Hadangan (Jakarta), jeung réa-réa deui. Saurang pamaén ngalalakon minangka peluncur (kaptén). Kecap Gobak Sodor boa-boa nyokot tina basa Inggris “Go back to the door”.
3. Cing Ciripit
Cing ciripit nya éta kawih paranti milang,saméméh ucing-ucingan.Aya di sababaraha tempat atawa wewengkon séjén mah disebutna téh eméng-eméngan. Cara maénna mimiti barudak ngariung, tuluy salah saurang budak biasana budak nu panggedéna ngasongkeun dampal leungeunna katengah riungan bari narangtung, tuluy budak séjénna ngasongkeun curukna séwang-séwangan ditapelkeun kana luhureun dampal leungeun budak nu panggedéna téa, sanggeus kitu barudak anu ngasongkeun curukna séwang-séwangan téa, ngangkat jeung nurunkeun curukna séwang-séwangan bari ngawih cing ciripit, saha nu kacekel curukna berarti éta nu éléh atawa nu eméng kudu ngudak barudak séjén nu teu kacekel curukna, nu séjén lalumpatan ngajauhan nu eméng, tuluy mun aya nu kacabak salah saurang budak berarti jadi pindah budak éta nu eméng jeung kudu nyabak atawa ngaeméngkeun barudak séjénna kitu saterusna nepi ka kabagéan kabéh.Anu ngarawih téh bari seuseurian sakapeung mah sok bari heureuy, ulin barudak téa tara aya nu serius, malah ku teu seriusna éta jadi ciri ngaran budak.Rakitanana kieu :
Cing ciripit Tulang Bajing kacapit Kacapit ku bulu pare Bulu pare seuseukeutna
Kawih lianna :
Cing ciripit Kadal buntung dua saringgit Dipaké nyandung A, i, u, daun cau nangka ngora Ari tang tang tang tangkeupan
4. Béklen atawa béklen
nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras. Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rék 20 gé kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. Nu maraénna andeprok na téheul nu beresih nguriling jiga samodél lingkaran.
5. Margaluyu
Bang-bang kalima lima gobang, bangbangkong di tengah sawah, wahwahai tukang bajigur, gur gurusakola desa, sa saban poe ngajar, jar jarum paranti ngaput, put putri nu gareulis, lis lisung kadua halu, lu luhur kapal udara, ra ragrag di Jakarta, ta taun opat hiji, ji haji rek ka mekah, kah kahar tujuh rebu, bu buah meunang ngala, la lauk meunang nyobek, bek beker meunang muter, ter terus ke Citapen, pen pena gagang kalam, lam lampu eujeung damar, mar mari kueh hoho, ho hotel pamandangan, ngan ngantos kangjeng dalem, lem lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu ompong
KAULINAN BARUDAK BAHEULA
Published:
2016-08-14T19:02:00-07:00
Title:Kaulinan Barudak Beheula anu Kasurup Kutehnologi Jaman Kiwari
Rating:
5 On
22 reviews